Pengarang : Sulistiyo Tri Raharjo
Keterangan : Cerita pendek ini dibuat oleh saya, karena itu apabila ingin menyalin, diharapkan dicantumpakn pengarangnya 😆
Wasta abdi Dimas, lengkepna
Dimas Prasetyo, abdi lain urang sunda asli, pun ibu sareng pun bapa asli urang
Jawa Tengah, pasna di Kota Solo, ngan abdi dibabarkeun sareng dibesarkeun di
Kota Kembang, ayeuna abdi sakola di SMAN 115 Bandung, abdi ayeuna kelas XI,
Alhamdulillah abdi katerima di kelas IPA, pas na mah di kelas XI IPA 6.
Dinten ieu poe Senén,
abdi ka sakola nganggo motor, lain kusabab jauh atawa géngsi, angkot anu
ngaléwatan imah abdi mah sok ngajak gelut waé, sabenérna sih teu ngajak gelut
nyaanan, ngah pikeheuleun lah, sok ngetém lah, sok isi bénsin
heula lah, malah aya anu ganjen ngagodaan awéwé anu heula, geus mah lila mawa
angkotna, nambah lila deui.
Jigana dinten ieu abdi
teu baruntung, karék gé jam 6.30 isuk, jalan geus pinuh ku bis – bis karyawan,
leheung amun hiji, ieu mah nepi ka lima, malah aya genep bis ngajéjér dina jalan anu sempit
kos kieu, geus mah loba bis loba angkot deui anu di pinggir jalan, abdi gé
teurang amun supir angkot keur téh néangan rejeki anu halal, ngan tong nepi
nyieun ambeuk batur lah, aya anu sok ngerem ngadadak, kan nyieun reuwas waé
ditukangna, nya untung wéh abdi tos tiasa lancar mawa motor, aya deui anu
leuwih holigan, aya supir angkot anu nurunkeun panumpang dina
tengah jalan, kan ieu mah nyieun leuwih reuwas, normalna mah kan amun rék
nurunkeun panumpang kan ka gigir heula kék, atawa nyalakeun lampu sén kék, ieu
mah kalah ngerém ngadadak, bari cul wéh aya jélma anu borojol turun tina
angkot.
Abdi suksés ngalewatan
dua angkot anu pikeheulen éta, ngan emang takdirna kumaha, aya angkot anu nyiap
abdi, ngan kusabab aya panumpang anu arék turun, otomatis angkot bélok ka kiri,
atuh abdi sareng motor abdi aya di posisi kiri angkotna, hades wéh abdi
kasérémpét angkot, abdi langsung dikurumunan ku masyarakat anu aya, lain kah
mantuan malah ningalikeun abdi, atuh abdi téh jadi hoyong ceurik, malah nu
leuwih parah abdi ningali aya budak saumuran abdi, ngan jiganamah budak alay,
lainkah mantuan abdi, malahkah moto
– moto abdi, ceunah mah arék di upload kana Facebook, haduuh geus mah
nyeuri awak, nyeuri haté deui, wassalam.
Abdi ngangkat motor
bari nyareuri awak, untung wéh motorna teu parah - parah teuing, mulana abdi arék
balik deui ka imah, ngan abdi teu kiat, kusabab abdi kaingetan dinten ieu
ulangan Astronomi sareng Botani, atuh dua duana guruna killer kabeh,
abdi teu bisa kabayang amun ngerjakeun ulangan pahareup hareup jeuh dua guru éta,
mending abdi mandian kebo di sawah tibatan kudu ulangan pahareup hareup jeung
Bu Nikén, sareg Pa Galih, haduuh.
Abdi neupi ka sakola telat, jam di abdi geus nunjukkeun tabuh 7.30,
“Mampus, ayeuna urang
telat, sugan hayang dicincang jadi lima ku Bu Niken di hareupun sakola”, ceuk
abdi dina jero hate,
Bener weh abdi dateng geus dipolototan ku tilu
guru piket, sareng Bu Nikén,
“Aah, ieu mah eweuh
panghareupan deui, amun ceuk Bondan mah RIP, Rest In Peace, basa sunda
namah PAEH !”, ceuk abdi kukulutus,
Lambe abdi geus komat kamit maca do’a sareng shalawat ka gusti Allah améh teu dicarekan, ngan jigana do’a abdi ceuk
ale – ale “Coba Lagi”, abdi dipaksa dibawa ka ruang BP, wassalam.
Ruang BP aslina mah ngan ukur ruangan saukuran 4 x 5 meter-an, teu aya
AC, ngan ukur kipas, ngan karasana abdi aya di Kutub Utara, tiris, pikiranna
kacau, aaahh semerawut lah. Salama 30 menit abdi ngadangukeun caramah sareng
khutbah anu kaluar tina lambe guru – guru BP sareng Bu Nikén, abdi ngarasa cepil abdi geus panas tur
bereum, sarasa geus béak dilalap ku si jago merah, bayangkeun wéh 30
menit abdi kudu ningal konser nyanyian guru - guru geus kitu abdi teu dibéré kasempatan ngomong hiji kata ogé, haduuh, amun anjeun jadi abdi, pasti dijamin hoyong bunuh diri.
Saenggeus panampilan ka-5 ti guru – guru, abdi ngumpulkeun nyali tur nyarios
yen abdi kaserémpét angkot di jalan, éta alesan abdi kunaon abdi telat, sakabeh
guru icing, mikirkeun kalimah pamungkas abdi, abdi ogé ngarasa bungah, kusabab abdi mikirna guru –
guru ngarasa karunya ogé kana abdi, atuh abdi ngarasa sumanget arék nyarios deui badé ngayakinkeun améh
guru – guru ngarasa hanjakal geus nyarékan abdi, ngan saacan abdi nyarios, abdi geus ka potong ku Bu Nikén, “Éta mah salah anjeun, anjeun kan acan 17
taun, salah sorangan mawa motor, anjeun salain ngalanggar paraturan sakola,
anjeun ogé geus ngalanggar
paraturan pamaréntah, kan
anjeun gé nyaho amun rék mawa motor ka jalan, salian nganggo hélem kudu boga SIM ogé”, ceuk Bu Nikén. Abdi molongo kabingungan, harapan sareng
bayangan abdi meunang kata kata karunya tina guru geus hancur musnah, siga
butiran debu, ngarepna di bere perhatian, ieu mah kalah nyarekan deui, haah,
abdi kudu ngadangu konser lagu deui salama 30 menit deui, wassalam.
Ahirna abdi kaluar ruang BP, saanggeus guru – guru ngahampuraan
kasalahan abdi, ngan aya parjanjian heula, abdi teu meunang mawa motor deui ka
sakola,
“Ah baé ah nu penting
mah kaluar heula tina ruang BP” ceuk abdi dina jero haté,
Abdi abus ka kelas di jam palajaran ka-3, abdi geus ngaléwatan jam ka
hiji nepi ka jam ka dua,
“Bae ah ngan palajaran
statistika ieu lah”, ceuk abdi ngagurutu
Abdi diuk di kelas meuni mantep, kusabab geus rumangsa siap ulangan palajaran
Pa Galih, nya eta Astronomi, abdi atos ngapalkeun sapeuting, ngerjakeun soal –
soal di LKS sareng buku pakét, atuh abdi
ngarasa pédé tingkat déwa lah ceuk bahasa gaulna mah. Abdi muka
buku kosong, badé nyoék kertas kanggo ulangan,
“Aduh masih nyareuri awak euy,
ah bae ah, ayeuna mah ulangan heula”, ceuk abdi,
Rerencangan sabangku kadangu omongan abdi tur méré béja, yén palajaran Astronomi diganti jadi palajaran
ka hiji nepi ka dua, ngagantikeun palajaran statistika, atuh enggeus kalewat
jam palajarana ogé, tadi abdi
anu geus pédé tingkat déwa, ayeuna kalahkah reuwas tingkat déwa,
abdi langsung ngibrit kana ruang guru néangan Pa Galih, ngan Pa Galihna teu aya di ruang guru, ceunah ceuk guru
sajarah mah di perpustakaan, teu ba-bi-bu deui abdi langsung lumpat ka perpus,
di perpus eweuh, ceunah ceuk patugas perpus aya di parkiran motor, abdi teu
mikir dua kali langsung lumpat ka parkiran motor.
Abdi neupi ka parkiran motor, ngan teu aya sasaha,
“Haduh singhoreng, mana atuh Pa Galih teh ? meuni siga néangan bajing luncat dina runtah waé”, ceuk abdi bari najong kaléng anu dihareupeun,
“Heh maneh, maneh nyebut uing naon ?”, bentak batur ti arah tukangeun
abdi,
Abdi reuwas aya sora ngagorowok ti arah tukangeunana,
“Haduh eta Pa Galih, haduuh, mampus”, ceuk abdi dina jeor haté,
“Heunteu pa, teu nyarios nanaon, suér”, ceuk abdi bari ngagebeug,
“Manéh nyebut uing bagong runtah ? Saha
ngaran manéh ? Éh manéh mah budak IPA 6, héh maneh Dimas kan, maneh barusan bolos
palajaran urang, hayu ka ruang guru ayeuna”, bentak Pa Galih,
“Tapi pa, abdi teu nyarios...”
“Geus ka ruang guru AYEUNA !!!” bentak Pa Galih,
Abdi teu tiasa mikir nanaon, hapalan samalem abdi, rumus – rumus, hukum
hukum astronomi buyar kabéh, nu aya dina otak ngan ukur sirahna Pa Galih hungkul,
wassalam.
Neupi ka ruang guru, abdi kudu ngerjakeun soal soal Astronomi 3 bab,
sareng soal kisi – kisi UN, atuh da abdi téh kelas XI,
“Naha kalahkah ngerjakeun kisi kisi UN ?”, ceuk abdi dina jero haté,
Salian ngerjakeun soal – soal, abdi ogé kudu nulis “Saya tidak akan berkata kasar dan
tidak akan kabur lagi” saloba 100 kali make aksara latén, 100 kali maké aksara bersambung, sareng anu ékstrim mah 100 kali make aksara sunda, aduuh, lengeun abdi geus jiga anu
direndem dina és batu, baal
karasana. Geus mah nulis 300 kata, abdi kudu ngerjakeun soal soal dihareupeun
pisan Pa Galih, mana Pa Galihna gé
geus mirip siga CCTV, teu gerak, siga nu teu napas, panonna anu sekeut siga
panon élang, malah leuwih
sekeut tibatan panon élang,
panonna teu ningal kanu séjénna, dina jero hate abdi ngan tiasa ngadu’a
sareng maca shalawat.
Ahirna abdi lolos ti ruang guru, abdi ngadangu bel istirahat, abdi
gancang shalat, ngénta hampura ka
Gusti Allah, amun abdi loba kalepatan anu ngagunung, geus teu kaétung, dina Masigit anu masih sepi, abdi
ceurik balilihan, nginget kasalahan – kasalahan abdi anu seeur, dosa – dosa
abdi geus siga debu, teu kaetung jumlahna. Ayeunamah abdi geus pasrah
lillahita’ala ka Pangeran anu Ahad.
Saatos shalat bel masuk geus ngagorowok, sakabeh murid asup ka kelasna
masing – masing, tarmasuk abdi ogé, ayeuna
palajaran Bu Niken, Bu Niken pasti apal kana abdi, nya kumaha rék teu apal, abdi geus PDKT 1 jam sareng
anjeunna, kirang naon deui coba ? ngan aneh, Bu Nikén teu asup ka kelas padahal geus leuwih 15
menit, padahal biasana gé, tilu
detik saatos bel bunyi, Bu Niken mah geus aya di kelas. Ngan saenggeus meunit
ka 20, kadenge punyi pangumuman,
“Pangumuman – pangumuman, untuk KBM ayeuna neupi ka jam tarakhir
ditiadakan, kusabab guru – guru gaul SMAN 115 Bandung badé cucurak murak di ruang guru, badé saha anu arék ngingilu cucurak, tiasa cucurak di bumi masing masing,
Wassalamu’alaikum Wr. Wb”,
Bunyi siga nada di stasion nandakeun pangumuman geus réngsé, sakejap kelas bet jempling, dua nepi tilu detik sakabeh barudak di
kelas ngagorowok bungah, ayanu ngucapkeun hamdalah, sujud syukur, kayang, sikap
lilin, seung sajabana ngagambarkeun parasaan anu bungah kacida , barudak
ngungkapkeun rasa suka citana sasuai gaya, agama, sareng kamampuan masing
masing barudak, malah katingal barudak XI IPS 3 di latai tilu saking bungahna
nyieun poster tina krayon anu tulisanna “We Love You My Teacher, Muach Muach :*
Samoga diberkahi ku Gusti Allah“, barudak bungah pisan, siganu kahausan kabébasan,
ngan abdi mah kalah hoyong ceurik
saceurik ceurikna, geus mah kasérémpét angkot, ngabébéla ka sakola kusabab ulangan, tapi teu
ulangan hiji hiji acan, kalahkah malah dicarékan dua guru anu ceuk abdi
guru paling killer di sakola, wassalam.
Saatos abdi ngadéngé pangumuman éta langsung lumpat ngaléwatan
lapangan, teu paduli barudak anu keur nyanyi tur jojogetan di lapangan, anu
dipikiran abdi ngan hiji, “Balik ka imah”, sapanjang jalan ti kelas nepi ka
parkiran, abdi teu paduli nubruk batur nu sejen, nabrak tong sampah, kapelesét nepi ngajengkang, malah abdi nepi nabrak
tiang tembok nepi ngagulitik. Abdi teu paduli, saakan – akan abdi hoyong tariak
“Cokot nyawa kuring Gusti !!!!”.
Di jalan abdi mawa motor tarik pisan, siga setan jalanan waé, bayangkeun abdi ngendarakeun motor
kacepatanana 100 Km/jam di jalan anu ramé pisan, kumaha teu kirang greget, abdi teu paduli di sumpahkeun ku
jalmi dijalan, kadangu aya nu nyumpahkeun jadi monyét lah, anak sétan lah,malah aya nu
nympahkeun abdi bisul dina kéték, teu nyambung sumpahanana, tapi baé lah, abdi ngan ukur bisa ceurik, ngan hajakal,
pas abdi ceurik aya lého anu
kaluar tina irung abdi, abdi singsringkeun maké panangan baju seragam abdi, pas ningali ka hareup abdi geus ningali
truk sagedé gaban, abdi teu
tiasa ngahindar, deui, “BRAAAAKKKK !!!!!” Abdi nabrak truk éta, abdi tiwas, wassalam.
Abdi labuh tina kasur, abdi hudang tina sare, abdi sadar yén sakabéh kajadian anu nyieun shock abdi ngan saukur mimpi balaka, abdi ceurik
di kamar sorangan, nginget nginget mimpi anu bener bener nyieun shocking soda, siga nu nyaan waé,
abdi kaingetan yén abdi pernah
nyerémpet nini nini anu keur
turun dina angkot, terus abdi kabur, lainkah mantuan, malahkah kabur bari
ngumpat si supir sareng nini – nini éta, “Duuh gussttiii”, abdi ningal kana jam, jam 2.30, abdi geura shalat
tahajud sareng shalat taubat ngénta
hapunten ka Pangeran, mugi mugi Gusti Allah méré hampura kana abdi
anu hina ieu, mihareup du’a abdi kakabul, teu siga du’a anu dina mimpi “Coba
lagi”, wassalam.
-Tamat-
Dijieun ku :
Sulistiyo T Raharjo
Kelas : XI IPA
1
Sakola : SMAN
1 Purwakarta
Twitter :
@SulistiyoTR
Blog :
SulistiyoTR.Blogspot.com
Ayoo Main di Pelangi Togel
ReplyDeleteTOTAL HADIAH RATUSAN JUTAAN UNTUK DIBAGIKAN
KEPADA MEMBER PERMAINAN TOGEL
- Semua Pasti Menang Dan dapat ^_^ , No Zonk
BURUAN MERAPAT DIJAMIN TIDAK MENYESAL :)
*BONUS REFFERAL 1%
*DISKON Pemasangan
* 4D : 66%
* 3D : 59%
* 2D : 29%
Minimal Deposit : Rp.50.000
Minimal Withdraw : Rp.100.000
Berapapun Jumlah Kemenangan pasti kami bayar
Aman dan terpercaya :D
http://www.togelpelangi.com/